Kamis, 03 September 2015

carita pondok




Kabeurangan
Karangan: Ai Azzhar

P
as wengi  si Fajar lalajo mengbal di telelevisi dugi ka tengah wengi langkung,  teras anjeuna kumpul-kumpul heula sareng rerencangana ngobrol ngalor ngidul, biasa ma’lum meureun jeung babaturan, pas ngareret kana jam reuwas kacida gening ts wanci janari terus ngajak ka baladna nu harita ngarenong di imahna da tos nongton bareng tea supaya geura sare. Singkat carita pajar hudang terus geuwat ka cai wudhu lajeng sholat subuh, na reuwasna nalika beres sholat subuh ngareret jam geuning tos jam genep langkung, pajar di seungseurikeun ku babaturanana anu acan sarolat subuh padahalmah.

Dina kaayaan sora hayam reang di sarada, pajar sadar yen manehna the kabeurangan, tuluy lumpat deui ka cai rek mandi da sieun kaberangan sakola, tuluy di baju saragam koloyong ka dapur nyokot sapatu geus kitu buru-buru nyiapkeun buku pelajaran poe ieu tuluy di sapatu sipajarteh teu salam-salam acan ka indungna berebet weh lumpat satakerna mangkat ka sakola.
Dasar rusuh ti imah the da eta sasarapge dugi ka poho, di jalan rusuh pisan lulumpatan da sieun kabeurangan tea. Ari habekteh sukuna najong batu soloyong gejeburteh kana kolomeran sisi jalan, calanana baraseuh tur kalotor. ‘’aduh…na asa apes-apes teuing poe ayeuna, nya hudang kabeurangan, labuh ka solokan,  baju kalotor, tapi ah deuk mangkat we tuluy ka sakola’’ gerentes pajar kukulutus sabari ngeprukan calanana.
Pas nepi ka sakola panto gerbang geus di tutup, pajar teu bisa asup ka jero, cicing heula hulang-huleng di hareupeun gerbang da satpam sakolana euweuh. Ana jol the pa satpam datang bari rek muka konci gerbang. Tuluy ku pa satpam the pajar di hokum push up sapuluh kali, beres push up beretek deui lumpat rek muru ka kelas. Pas di jalan rek ka kelas pajar pada melong ku asi-adi kelasna da calana kalotor jaba baseuh asa era hatemah.
Nalika di jalan rek ka kelas tea pajarteh papangih jeung guru terus di bawa ka rohangan PKS kesiswaan. Tuluy di Tanya tapi sip ajar the teu bisa ngajawab nanaon ngan tungkul we nu aya sabari geumpeur kacida. Kusabab teu ngajawab wae tuluy we di titah balik ka kelasna tuluy gek we diuk dina korsi anu tos maneuh sabari hulang-huleng mikiran nuan-naon anu tos karandapan.
Pas keur hulang –huleng kituteh jol aya neang, horeng the di hokum titah nyokotan runtah, hatemh geus kesel nyokotan runtahteh kukulilingan, jaba sorangan euweuh batur. Bakat ku keuheul da eta aya nu nanyage kot keun ka teu di jawab. Cenahmah di eta tatangkalan sok aya oray jeug sora-sora anu araneh, heritage aya sora aneh kadaenge ngan ah cuek we da keur mulungan runtah tea.
Mulungan runtahna bari hulang- huleng da asa ku aneh meureun poe ieu ngan pangihteh jeung ka apes we. Keur mulungan runtah di handapeun tangkal palem lengteh karasa rada lieur tapi di tahan we da  tugas mulungan runtah can angeus , tuluy we ngadekul nyokotan runtah sabari nahan kalieur. Asa karasa banga pisan pajarteh gek we diuk heula ngareret sukuna anu bareuh  jeung beureum.
Ari hegteh pajar pingsan di deukeuteun runtan atuh guru-guruteh rareuwaseun ningali psjar pingsanmah, eta guru-guru tuluy lalumpatan muru sip ajar, tuluy si pajarteh di paying ku bapa guru di bawa ka rumah sakit da eta di jalan the teu sadar-sadar kawasnamah rada parah.
Pas dugi ka rumah sakit ibu guru buru-buru nelepon ka mamah jeung bapana, atuh kacida rareuwaseunana mamah jeung bapanateh bari tuluy gura-giru muru ka rumah sakit. Si pajar can sadar-sadar, indungna ceurik da reuwas jeung kasieunan. Pas ku indungna di usapan korejat si pajarth sadar. Indung  bapana bungah. Tuluy sip ajar hudang atuh sarerea anu aya didinyateh barungah kacida. (BERSAMBUNG)